Rusiah
manfaat sareng khasiatna bawang bodas jeung eusi kandungan gizina.
Bawang bodas ngarupakeun bawang anu warnana teh bodas, beda deui jeung
bawang beureum nu warnana oge nya beureum. Samentawis bawang daun warnana sarua
jeung daunnya, tah ku ngabedakan rupa jeung wujudna eta bawang pasti urang pada
terang, mana bawang bodas, bawang beureum atawa bawang daun.
Bawang bodas loba digunakeun keur bumbu masak dasar nu teu bisa dipisahkeun
jeung bumbu sejenna. Nanging salian pikeun bumbu masak sihoreng teh bawang
bodas loba pisan khasiatna pikeun ubar sagala panyawat.
Bawang bodas dina kaayaan atah ngandung sanyawa sulfur kaasup zat kimia nu
ngaran latinna Alliin. Saumpama bawang bodas digerus atawa dibubukkeun
zat Alliin sabenerna mah henteu bau sumebrak. Nanging tina dorongan enzim
alinase, Alliin peupeus ngajadi alisin, amonia jeung asam piruvat. Bau
anu nyeuleukseuk alisin dilantarakeun kandungan zat walirang atawa sulfur tea
dijeuro alisin dihiberkeun ammonia ka rohangan hawa, kusabab ammonia babari pisan
nguap. Sanyawa alisin aya khasiatna ngancurkeun geutih nu nambleg dina
jaringan, sahingga bisa ngurangan kana totonden panyakit diabetes jeung
ngurangan kasawat tekanan darah.
Salian alisin, bawang bodas oge ngabogaan sanyawa sejen nu khasiatna kana ubar,
nyaeta alili. Sanyawa alili, panglobana nu aya dina wujud dialil-trsulfida nu
khasiatna merangan panyakit-panyakit degeratif atawa turun tumurun jeung bisa
ngaktifkeun tumuwuhna sel-sel anu anyar.
Niley Kandungan Gizi Bawang Bodas Atah tina 100 g (3.5 oz)
·
Energi 623 kJ (149 kcal)
·
Gula 1.00g
·
Diet serat 2,1 g
·
Lemak 0,5 g
·
Beta-karoten 5 mg (0%)
·
Niacin (Vit. B3) 0,7 mg (5%)
·
Folat (B9 Vit.) 3 mg (1%)
·
Magnesium 25 mg (7%)
·
Fosfor 153 mg (22%)
·
Kalium 401 mg (9%)
·
Sodium 17 mg (1%)
·
Seng 1,16 mg (12%)
·
Mangan 1,672 mg
·
Selenium 14.2 mg
Sumber:
USDA Nutrient database
Nah, sabadana anjeun nganyahokeun kandungan nu aya tina bau bawang bodas tadi.
Tidinya anjeun peryogi kauninga naon wae manfaat jeung khasiat bawang bodas
teh. Nu saterusna di handap ieu aya sababaraha manfaatna di antarena :
1. Nyeugah Kanker
Bawang bodas ngandung antioksidan nu bisa ngabantu nyeugah
kana panyakit kanker. Saumpama urang nyandu kana roko, bawang bodas bisa
dibaheum, anu manfaatna nyeugah kana jeung nutup kana panyakit kanker tea.
2. Anti Radang
Bawang bosa ngandung anti-peradangan. Sahingga saumpama anjeun ngalaman
demam/paranas tiris atawa oge nyeuri tikoro. Cukup we dibaheum deui bawang
bodas, salami eta panyakit can cageur bener kiteeuh.
3. Anti Bakteri
Bawang bodas oge ngarupakeun anti-bakteri nu hade. Saumpama anjeun ngalaman infeksi
infeksi pencernaan, Terus eta bawang bodas anu atah geus disiksik
dihijikeun jeung salad atawa lalab-lalaban. Naon nu karasa dina
pencernaan bisa cageur sabihara-bihari.
4. nyuburkeun rambut
Bawang bodas tiasa oge hiji solusi pikeun masalah rambut nu puray atawa babari
murag. Tina kandungan Allicin nu kacida mumbulna, anu mirip sanyawa
walirang ieu anu oge aya dina bawang beureum, nu dipercanten efektif keur
ngubaran rambut nu babari muragna. Carana mah, bawang bodas disiksik atawa
dikeureutan, mun leuwih hade dicampuran minyak kalapa saeutik terusna
pencet-pencetkeun kana mastaka salira, tepikeun karatana. Cik geura cobaan.
5. Ngabersihan jarawat
Ngan bawang bodas ieu anu boga sanyawa pikeun ngalubarkeun panyakit jarawat,
bahan ieu moal aya di apotek mah. Ubar alam ieu nu mangrupakeun kaasup ubar
herbal seueur pisan mangfaatna, ku zat antioksidan tiasa ngusir jarawat anu aya
dina pameunteu atawa awak urang. Ngan kitu urang sing leukeun nyiksikna unggal
rek diubar kitueh, ti dinya tinggal gosok-gosokeun we jarawat anu nampek dina
pameunteu tea, laun-laun oge dikeureuyeuh.
6. Nyeugah jeung ngubaran flu
Dina kandungan antioksidan di jeurona, ngajadikeun sistem menjadikan sistem
imunisasi kana awak jalma, meunang mangfaat saumpama bawang bodas dijadikeun
menu inuman herbal sapopoe, meureun bisa jadi panyakit salesma atawa flu bisa
pisa dicegahna. Kumaha cenah carana, nya tinggal siksik we bawang bodas eta,
pek campurkeun madu jeung jahe keur nambahan selera kana gelas, ti dina mah
guyur we ku cai pans. Pastina oge nginumna oge moal bosen.
7. Nyageurkeun panyakit kulit
Kusabab kagunaan bawang bodas kana radang kulit. Tiasa oge bawang bodas
dijadikeun minyak, carana beuleum we siwung bawang bodas, sanggeus asak tinggal
peureut we bawang bodas, engke ge kaluar minyakna karak ti dinya mah oleskeun
kana kulit nu rahet.
8. Mengontrol berat badan
Ahli gizi Cynthia Sass nyebutkeun panalungtikan kana beurit nu ngadahar bawang
bodas anu saterusna mah nunjukkeun yen awak beurit ngurangan beurat awakna. Dicobaan
we satiap-tiap urang ngasakan naon wae pake bawang bodas, mun sering mah
meureun bisa dijadikeun alat diet atuh.
9. Ngubaran Karacunan
Antioksidan nu aya dina bawang bodas ieu, mampu ngabantos ngusir racun tina
jeuro awak. Manfaat ieu henteu wungkul hade kana kasehatan tapi oge
bisa kana awet ngora.
10. Ngaredakeun Nyeri
Saumpama anjeun panyakit arthritis, hancurkeun bawang bodas atah terus
kompreskeun dina bagean tuur atawa tulang anu nyeuri, bawang bodas solusina,
tinggal hancurkeun pek ditaplokkeun kanu nyeurina.
11. Pertolongan Mimiti Karacunan Merkuri
Karacunan akibat merkuri atawa arsenik oge bisa digambpangkeun ku ngosumsi
bawang bodas atah. Saacan diubar ka dokter, bawang bodas boga fungsi keur alat
P3K.
12. Nyageurkeun luka serpihan
Sapotong siwung bawang bodas manfaatna pikeun ngubaran raheut kana kaca,
tempelkeun siwung bawang bodas jeung dibungkus ku perban dina raheut tea. Seeur
pisan masyarakat anu ngagunakeunna.
13. Ngaleungitkeun Ateul Akibat Jamur
Dina sifat anti-jamurna, bawang bodas bisa jadi ubar mujarab keur para atlit
keur ngaleungitkeun rasa atel dina sampean. Keueum sampean dina bak cai nu
dieusi cai haneut jeung siksikan bawang bodas.
14. Ngusir Reungit
Salah satu panalungrikan di India kapanggiheun yen bawang bodas boga
manffat pikeun ngusir reungit, kumaha cenah carana. Bawang bodas dicampur jeung
lilin lebah, minyak jeli. sanggeus nyampur ti dinya mah gosok-gosok samemeh
sare.
15. Nyageurkeun sariawan
Nurutkeunt situs ECOSALON, bawang bodas ngandung suplemen nu bisa ngabantu
proses nyageurkeun masalah sariawan. Ngubaranna gampang pisan, tinggal
baheum we bawang bodas nepikeun kacaian, tidinya mah tinggal kemu-kemukeun.
Atawa siwung bawang bodas anu dipoteskeun oles-oles kana sariawan nu karasa
tadi.
16. Lem Alami
Saumpama anjuen pernah nyaksikeun bawang bodas dikeureut kacida teuasna, ieu
teh nandakeun dina jeuro bawang bodas ngandung zat perekat atawa lem. Geus loba
nu ngagunakeun lem tina bawang bodas. Kumaha cenah carana, Teangan ku ku urang
sababaraha kembang cengkeh, terus campurkeun jeung sababaraha siwung bawang
bodas, sangggeus nyampur tinggal oleskeun kana bahan anu bakal diraket, anu
lolobana pikeun ngaraket deui bahan tina kaca anu geus peupeus.
17. Ngusir Hama Tanaman
Hama tanaman henteu beukieun kana bawang bodas. Gunakeun pestisida alami nu
dijieun tina bawang bodas ieu. Campuran minyak mineral dan sabun cair. Pek
abuskeun kana alat penyemprot, pek semprotkeun kana tutuwuhan anu loba hamana.
18. Campuran Umpan Pancing
Saumpamana anjeun hobi kana mancing atawa nguseup, bawang bodas hade pisan
pikeun campuran umpan pancing. Kumaha cenah carana, atuh ieu gampang pisan, teu
perlu dibaheum jeung diheumheum ku urang, Cik we bawang bodas teh dipotes
tungtungna, pek we oles-oleskeun geutahna kana eupan atawa umpan pancing teh.
Ceuk tukang mancing mah, saumpama pancing dianclomkeun moal teu giriwil atuh
atawa istilah mah " CLOM GIRIWIL." Nu leuwih hade mah bawang bodasna sawareh dibeuleum supaya seungit pisa.
19. Ngalancarkeun Peredaran Darah
Ngabaheum bawang bodas oge bisa ngabantu ngalancarkeun peredaran geutih
jeung bisa ngalancarkeun pembuluh geutih anu kapendet.
20. Mengatasi Diabetes
Saumpama anjeun boga panyakit diabetes, bawang bodas oge hade pisan keur
ngabantu ngontrol lobana kandungan kadar gula dina jeuro geutih.
Mangfaat bawang bodas nu disebutkeun di luhur eta teh mung sabagian wungkul tina 1001 khasiatna nu aya dina kandungan bawang bodas. Sakaterang para ahli mangfaat bawang bodas seueur pisan. Aya hadena umpama urang nyimpen bawang bodas di dapur anu cukup. Tong perlu khawatir bawang bodas jadi buruk, sababna bawang bodas mah kaasup bumbu masak nu awet aya di dapur nu teu gampang peloy, pangutamana mah mun disimpen di tempat anu garing kiteuh, cag ah...." sakieu ti sim kuring.
Wassalam.
SumBer : http://manfaatnyasehat.blogspot.com/