Kaimanan

Bab Hiji

Dawuhan Nabi صلی الله عليه وسلم, "Islam ieu nangtung dina lima perkara."[ 1 ] Iman eta nyaeta  ucapan sareng kalakuan. iman tiasa  nambihan sareng tiasa ngurangan. Allah Ta'ala ngadawuh anu hartosna, "Supados  kaimanan maraneh nambahan ti salian kaimanan maranehna (nu tos aya)" (al-Fath: 4), "Kami nambahkeun ka maranehna pituduh."(al-Kahfi: 13), "Allah bakal nambahan pituduh ka maranehna nu tos meunang pituduh." (Maryam: 76), "jalmi-jalmi anu meunang pituduh, Allah nambahan pituduh ka maranehna sareng masihan ka maranehna (walesan) katakwaanna" (Muhammad: 17), "Sareng supados jalmi nu ariman nambahan imanna " (al-Muddatstsir: 31), "Saha di antara maraneh nu nambahan imanna sareng (turunna) surah ieu? Anapon ka jalmi-jalmi nu ariman, maka surah ieu nambahkeun imanna." (at-Taubah: 124), "Saestuna manusa tos ngempelkeun pasukan kanggo nyerang anjeun, kusabab eta sing sieun ka maranehna, maka cariosan eta nambahkeun kaimanan maranehna." (Ali Imran: 173), sareng" Nu kieu teh  henteu nambahkeun ka maranehna iwal iman sareng katundukanna (ka Allah)." (al-Ahzab: 22) Micinta  karena Allah sareng  ngageuleuhan karena Allah nyaeta  sabagean tina kaimanan.
1.[2] Umar bin Abdul Aziz nyerat serat ka  Adi bin Adi nyaeta, "Saestuna kaimanan eta ngagaduhan sababaraha kafardhuan (kawajiban), syariat, had (yaktos wates/hukum), sareng sunnah. Sing saha ngiringan sadayana eta maka kaimananna tos panceg. Sareng sing saha teu ngiringan  sacara sampurna, maka kaimananna oge teu sampurna. Saumpama kuring masih hirup, maka hal-hal eta bakal diberekeun ka maraneh sakabeh, sahingga anjeun bisa ngamalkeun sacara sapinuhna. Tapi, saumpama kuring tilar dunya, maka henteu ngaleuleuwihi  boga kahayang keur jadi batur anjeun." Nabi Ibrahim عليه السلام kantos ngucapkeun sareng nyutat  dawuhan Allah, "Walakin liyathma-inna qalbii" 'Supados hate sim kuring tetep mantep [ku kaimanan sim kuring]'. (al-Baqarah: 260)

2.[3] Mu'adz kantos  nyarios  ka batur-baturna, "Caralik didieu bareng jeung kami sakeudeung  keur nambahan kaimanan urang." 

Sumber:
1. Ringkasan Shahih Bukhari - M. Nashiruddin Al-Albani - Gema Insani Press (HaditsWeb)

Daun Saledri

Daun Saledri, Daun saledri sabangsa tutuwuhan anu gampang pisan jadinya, mun dipelak di pot atawa di pakarangan pastina oge kana hirupna, nyakitu urang ulah telat nyiramna. Daun saledri nu sok dipake campuran bumbu sayuran sop-eun, nurutkeun para ahli  seueur pisan mangfaatna, pangutamana mah keur ubar sagala panyawat.
Saledri ( Apium graveolens) nyaeta tutuwuhan anu asupna kana sayuran tur bisa dimangfaatkeun pikeun ubar. Saledri bisa tumuwuh di dataran anu luhur atawa di dataran handap. Sapertos perkebunan anu aya di Brastagi, Sumatera Utara jeung di Jawa Barat nu ngawengku wilayah Pacet, Pangalengan jeung Cipanas anu hawana tiis. Di urang mah nya di Indonesia daun saledri lolobana mah dimangfaatkeun pikeun bumbu atawa sambara papasakan atawa panglengkep sayuran sop. Ngandung zat naon wae atuh saledri the, nurutkeun panalungtikan dina unggal 100gr salédri ngandung: 20 gram kalori, Protein 1 gram, lemak 0,1 gram, hidrat arang 4,6 gram, kalsium 50 mg, fosfor 40 mg, besi 1 mg, Vitamin A 130 SI, Vitamin B 0,03 mg jeung Vitamin C 11 mg.
Kumaha caranya atuh eta saledri sangkan jadi ubar. Eta mah gampang pisan. Sabenerna mah mun urang ngabiasakeun ngadahar naon wae moal matak hoream atawa wegah, asal memang nu di daharna teu matak madhorot kana awak urang, saperti ngadahar barang anu nukang nonggong jeung aturan agama tangtuna ge  hukumna tos jelas " Haram". Saledri atawa dina basa latinna Apium graveolens L salian ti dijadikeun sambara, saledri oge bisa dimangfaatkeun pikeun ubar hipertensi, nyeri panon, reumatik, mengi oge bisa ngaleubeutkeun buuk, jeung ngungkulan beungeut nu loba ngandung minyak. 
 Saledri  oge bisa jadi pikeun ubar nurunkeun kadar kolestelor. Keur nurunkeun kadar kolestelor mah gampang, daun saledri jeung tangkalna keueuman make cai panas, kira-kira sagelas mah, mun geus nyerep pek ku urang inum.


Sumber : Wikipedia









Koneng Gede

Tah ieu nu disebut " Koneng Gede" teh.
Koneng Gede, Naon atuh koneng gede teh ?", Ari koneng gede teh kaasup bongborosan anu loba mangfaatna pikeun diri manusa, pangutamana mah koneng gede sakeur ubar naon wae. Salah sahijina pikeun ubar beuteung. Nyeta lamun urang kaserang panyakit beuteung sapertos sariawan usus, atawa mun ceuk basa malayu mah " Luka Usus ". Gancang we neangan Koneng gede tea. Naon atuh anu di alana, nya pan beutina tea. Dimana atuh ayana beuti koneng gede teh ? gampang pisan mun urang rajin liliaran ka leuweung loba pisan, tinggal ngarabut wae. Tapi ayeuna mah tong hariwang pedah hese neangan koneng gede, pan di pasar oge anu babari pisan meulina, moal matak teu manggihan, kiteuh. Kawas kumaha rupana koneng gede teh. Mun di telek-telek mah kira-kira kawas jahe. Ngan bedana teh ari jahe mah rada kasar seratna, ari koneng gede mah rada limut.
Ieu mah tangkalna
 Kumaha ari tangkalna, tangkalna mah teu beda we koneng biasa, ngan ari koneng biasa mah parendek, ari koneng gede bisa jangkung. jeung dina borosna aya beda, ari koneng gede koneng semu hejo.
Ari ngolah keur ubar dikumahakeun ?", gampang eta mah, nu pangbabarina mah diparud kira-kira sagede indung suku. terus mun meunang marud mah, tinggal tinyuh we make cai asak, atawa mun hayang apdol mah, dikeureutan, pek ditaheurkeun atawa direbus kana panci, nya caina mah kira-kira 3 gelas, tah mun geus ngagolak angkat we kira-kira sagelaseun mah. Salila saminggu inum sing rotin, najan pait ge eta mah ubar. Naon atuh mangfaat lainna, lian ubar sariawan usus, oge koneng gede bisa pikeun ngubaran maag, kanker, diabetes jeung ubar lintuh. 


Diberdayakan oleh Blogger.

Copyright © / URANG CALUNG

Template by : Urang-kurai / powered by Posted Calung Blogger